Puisi Sunda Romantis | Bulan Nineung, Bulan Nu Saha

Bookmark and Share
Bulan Nineung, Bulan Nu Saha
Rosyid E. Abby

Bulan nineung
bulan saha
bulan pangharepan
bulan urang duaan

Bulan nineung
bulan saha
bulan karisi-kamelang
bulan lin nu duaan

Bulan nineung
bulan saha
bulan kuring
bulan anjeun

bulan katineung
bulan nu saha
bulan katineung
bulan duka nu saha

by-pass 17 juni 1992
Galura. No. 14 Taun ka-4, Minggu, 1 Juli 1992

{ 0 komentar... Views All / Send Comment! }

Posting Komentar